SUJUD
Peuting ieu kuring sujud
Nepangan salira
Baréng jeung rabengna siraru
Nu ngurubut lampu
Hate kebek ku rasa rumasa
Salawasna ngipuk salah metik dosa
Najan manglaksa harewos
Horoshos béakeun
sora
Dina sela sela simpé
Ngabudalkeun eusi haté
Mangpirang bangbaluh hirup
Ditembrakeun ka salira
Batin jumerit Bareng jeung leketeyna angen
Pangsujudan juuh ku cimata
“Subhanalloh” ngetok panto.......
Who Can View Public
Posted on 11 May 2008 11:15 (3 months ago)
Tag
hit 69 times
Owner:
- 29 Female

- In a Relationship
- Friends: 603
- Last login: 23 hours ago
K4poK
Bookmark
Report
